Ieu Modul Pangaping Préstasi Basa Sunda dirancang khusus pikeun ngarojong murid SMP dina diajar basa Sunda kucara anu simpel, pikaresepeun, tur ngagumbirakeun. Eusi ieu buku ngawengku bahan anu lengkep tur luyu jeung kompetensi dasar dina kurikulum sakola, ti mimiti pangwanoh kana kecap-kecap (kosa kata), struktur kalimah, nepi kangalarapkeun Basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Unggal bab dipidangkeun rupa-rupa latihan asesmen pikeun ngukur nepi kamana murid maham pangajaran nu ditepikeun. Asesmen-asesmen ieu ngawengku soal anu diarahkeun pikeun mantuan murid nyosialisasikeun kamampuhan basa Sunda kalayan éféktif. Salian ti éta, ieu buku ogé ngamuat kagiatan kelompok anu ngarojong murid
pikeun gawé bareng, rembugan, sarta ngalarapkeun basa Sunda dina kontéks anu leuwih hirup, tur komunikatif. Kagiatan kelompok ieu boga tujuan sangkan siswa leuwih daria tur silisumangetan jeung batur sakelasna. Ngaliwatan ieu buku, dipiharep murid mibanda rasa reueus, bias ngarti, tur
bisa ngagunakeuin Basa Sunda kalayan hade dina kahirupan sapopoé.




Reviews
There are no reviews yet.